Kamis, 28 April 2016

Soal Bahasa Sunda / Madrasah Tsanawiyah

A. Pilihlah salah satu jawaban a,b, c dan d yang sesuai dengan bunyi pertanyaan dari tiap-tiap nomor berikut dengan cara menghitamkan pada kolom lembar jawaban yang tersedia

Bacaan
Komputer Bajakan
Genep juta komputer di indonesia make software bajakan. Eta teh hasil panalitian, direktur jendral telematika departemen komunikasi jeung informatika. Bajakan geus narekat sanajan aya undang-undang no. 10 taun 2002 ngenaan hal intelektual. Ceuk MUI mah haram.
Make bajakan atawa maling mah untung teu kudu mayar lisensi. Indonesia ka asup kana daftar blacklist. Di urang geus aya open source, leuwih murah, bisa ngaronjatkeun karancageaan jeung muka lawang pagawean. Tapi di urang can pati loba nu resepeun boh pamarentah, paguron, atawa di masyarakat.

Dicatut tina koran tempo 

Pilih jawaban A,B,C atawa D anu luyu jeung pananya.
1.    Bacaan di luhur kaasup karangan ...
a.   Arikel
b.   Eksposisi
c.    Ilmiah
d.   Narasi

2.    Komputer di indonesia make software. Maksud software nya eta ...
a.   Barang keras
b.   Barang cair
c.    Barang gas
d.   Barang lunak

3.    Make bajakan untung teu kudu mayar lisensi. Maksudna ...
a.   Panghasilan nagara
b.   Surat ijin
c.    Surat pajeg
d.   Label

4.    Indonesia di dunia kaasup daftar blacklist. Maksudna ...
a.   Catetan bodas
b.   Catetan hutang
c.    Catetan hideung
d.   Catetan pajeg

5.    Bacaan diluhur genep juta komputer bajakan, eta teh nurutkeun ...
a.   Pamadegan
b.   Pakta
c.    Cenah
d.   Hayalan

6.    Cek MUI bajakan teh haram lantaran ...
a.   Meunang maling
b.   Kudu mayar
c.    Hargana mahal
d.   Teu boga hasil

7.    Di urang geus aya open source, anu bisa ...
a.   Ngahasilkeun duit
b.   Hargana mahal
c.    Ngaronjatkeun rancage, jeung muka pagawean
d.   Aya undang-undang

8.    Diluhur aya kecap, komunikasi, informasi, maksudna ...
a.   Catetan jeung itungan
b.   Pamadegan jeung pakta
c.    Catetan jeung pamadegan
d.   Hubungan jeung beja

9.    Komputer hasil teknologi canggih. Maksud canggih nyaeta ...
a.   Modern
b.   Antik
c.    Ruwed
d.   Lieur

10. Barudak rame keur maraen ...
a.   Air conditioner
b.   Magic jar
c.    Playstation
d.   Microwave

11. Dina khutbah ieu sim kuring baris medar perkawis taqwa, harti taqwa teh sieun, nu matak kudu nurut ka allah, kalimah tadi dina biantara ka asup...
a.   Bubuka
b.   Eusi
c.    Saran
d.   Panutup

12. Karya sastra mengrupa carita rekaan, hasil reka cipta pangarang, dina wangun lancaran, tur panjang disebut...
a.   Wawancara
b.   Carpon
c.    Gending karesmen
d.   Novel

13. Dina warta atawa beja kudu aya unsur ...
a.   5H+1W
b.   1W+5H
c.    5W+1H
d.   5W+5H

14. Dina diskusi anu ngatur supaya beres disebutna ...
a.   Moderator
b.   Narator
c.    Promotor
d.   Protokol

15. Carita pondok sok dikumpulkeun jadi sabuku. Carita pondok karangan godi suwarna nya eta ...
a.   Dogdog pangrewog
b.   Papacangan
c.    Halimun peuting
d.   Jurig

16. Nurutkeun panalitian jeung itungan secara sistematis jeung pakta, bumi sakali muter (rotasi) llilana teh ...
a.   Sapoe sapeuting
b.   Sabulan
c.    Sataun
d.   Sajam

17. Di handap naskah drama aya tilu bagian, iwal hiji lain nya eta ...
a.   Prolog
b.   Setting
c.    Dialog
d.   Epilog

18. Ku kasumpinganana, ditambih du’ana sim kuring ngahaturkeun nuhun. Bagian surat diluhur kaasup ...
a.   Salam bubuka
b.   Bubuka
c.    Eusi
d.   Panutup

19. Maca sajak sora bedas ditalar make gerak disebut ...
a.   Deklamasi
b.   Diplomasi
c.    Deklarasi
d.   Intonasi

20. Nu disebut sarati nya eta ...
a.   Kusir kareta pangagung
b.   Mandor sakitan
c.    Tukang naklukeun sato galak
d.   Tukang teuleum

21. Nu kaasup pangurus inti organisasi aya tilu, iwal hiji lain nya eta ...
a.   Ketua
b.   Bendahara
c.    Sekretaris
d.   Pembantu

22. Pupuh nu kaasup sekar ageung nya eta ...
a.   Kinantin mijil, lambang, sinom
b.   Sinom, dangdanggula, mijil, pucung
c.    Asmarandana, sinom, dangdanggula, kinanti
d.   Mijil, pucung, sinom, kinanti

23. Nu disebut tuna rungu nya eta jalma anu ...
a.   Teu boga pagawean
b.   Lolong
c.    Torek
d.   Teu bisa maca

24. Industri anu ngolah hasil tatanen disebut ...
a.   Agro bisnis
b.   Industri hulu
c.    Industri hilir
d.   Agro industri

25. Nu bener makena kalimah di handap nya eta ...
a.   Pa camat nuju nega
b.   Abdi nuju neda
c.    Karta keur neda
d.   Kuda keur neda

26. Bi ijah mah ... najan sok nyarekan, kana rijki berehan.
a.   Hampang leungeun
b.   Panas beungeut
c.    Hambur bacot murah congcot
d.   Kawas cai dina taleus

27. Salah sahiji cara pikeun menta katerangan, penjelasan ti nara sumber disebutna ...
a.   Wawancara
b.   Biantara
c.    Diskusi
d.   Sawala

28. Si karta ... teu kaop raheut sok terus borok.
a.   Pait daging
b.   Amis daging
c.    Pahang tulang
d.   Ipis biwir

29. Salah sahiji cara pikeun nepikeun omongan batur mangrupa tulisan disebut kalimah ...
a.   Ngantet
b.   Langsung
c.    Panyeluk
d.   Salancar

30. Nurutkeun panalitian secara ilmiah, sistimatis tanggal 2 oktober di takdir poe senen jam 10 taun 2015 bakal aya samagaha. Kalimah tadi dina karangan ilmiah kaasup ...
a.   Kasangtukang
b.   Tiori
c.    Data
d.   Kacindekan

31. Anu teu kaasup kalimah sampurna nya eta ...
a.   Ucing di udag anjing
b.   Indit ka ditu
c.    Supir ngarem mobil
d.   Karta nincak endog

32. Taun 2018 jumlah poe bulan pebruari aya ...
a.   28
b.   29
c.    30
d.   31

33. Contoh kalimah panyeluk nuduhkeun bungah nya eta ...
a.   Karta meunang duit
b.   Karyawan diperekeun saminggu
c.    Limbah emas diolah deui
d.   Asik, kuring lulus ujian

34. Mana anu kaasup kalimah refleksi ...
a.   Manajer toko mere bantuan ka karyawan
b.   Para karyawan sibanyo
c.    Karyawan keur rapat jeung pimpinan
d.   Karyawan di absen heula

35. Kalimah sampurna di wangun ku ...
a.   Jejer jeung caritaan
b.   Jejer jeung katerangan
c.    Jejer
d.   Caritaan

36. Di handap anu kaasup kalimah ngantet lalawanan ...
a.   Kardi keur sakola sabab geuring
b.   Bapa maca koran, ema nyangu
c.    Ulah gandeng didinya
d.   Lanceukna getol, adina sebul

37. Contoh kalimah susun baku nya eta ...
a.   Supir angkot
b.   Macul di kebon salim kamari
c.    Karta garelut di sawah
d.   Garelut di sawah karta

38. Dua, tilu kalimah salancar dihijikeun disebut kalimah ...
a.   Ngantet
b.   Pagawean
c.    Bilangan
d.   Sipat

39. Anu kaasup kalimah resiprokatif nay eta ...
a.   Karim ngeyang samping
b.   Minah ngengenyang samping
c.    Samping di kenyang kenyang
d.   Karim jeung minah silih kenyang

40. Hiji kajadian katutupan cahaya panonpoe anu nyorot ka bulan lantaran katutupan bumi disebut ...
a.   Samagaha
b.   Samagaha bulan
c.    Samagaha panonpoe
d.   Samagaha total